Kaca:Dewa Rutji.pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4

Ku Ki Budjangga mung ditembongkeun bungkeuleukna bae, lir kalapa huluan. Padahal salěběting tapas aja batok, behditueun batok aja daging. Ingdalém daging aja pati sareng minjak. Anu tiasa měsek sarěng ngokolakeunana. insja Allah baris ngaraoskeun paedahna tjipati atanapi minjak tea.

Bahan-bahan kanggo nganggit ieu wawatjan: djabi ti sok nguping ti dalang sareng matja tina buku titilar sepuh nu diserat ku panangan ku aksara Sunda teh, dibanding ku „Dewarutji" jasana Dr. Prijohutomo sarěng „Bimasutji" wědalan Bali, njandak tina salinanana.

Mugi-mugi ieu buku aja paedahna.

M. A. S.
 

Djakarta, 11 Desember 1948.