Kaca:Dewa Rutji.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

Sabab meureun ka puseur laut teh djauh. mangkaning kaula, awak nja beurat nja gěde, naha bakal untupan ngalawan ombak."

Sang Bagawan njěmukeun trěsna kalangkung, pura-pura wělas, njěta anu dumaregdeg. sasauran niron anu dumareuda:

„Deudeuh hiděp Sena naha nanja kitu, andjeun teh ka paman, djiga nu tjangtjaja hate, lir nu sieun dilědjokeun dipěrdaja.

leu paman aki-aki tjětuk dawuk, tjarek sareatna, ngan kari ngadago maot, mambrih naon mun make djahat hianat.

Nitah soteh ngodjaj ka puseuring laut, bawaning pěrtjaja, kana ilapat totonde. jen andjeun teh bakal kuat ngalakonan.

Moal nitah mun těrang jen teu kauntup, ongkoh apan paman, guru andjeun nu sajaktos. moal ěnja ngomong bangsa pamohalan.

Ajeuna mah sae enggal bae atuh, ngabudjeng sagara, sidik moal naon-naon, pasti hasil djalaran njata milikna.