Kaca:Dewa Rutji.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53

Saparantos ngadangu saur Sang Wiku. Bima tětěg manah, sareng dumeh tara serong, ka Dorna ge nganggapna teh salěmpěngna.

Estu taklid gěmblěng pěrtjantěn ka guru, nja ladjěng njanggěman, ka Dorna miwah nu sanes, těras pamit bade mulih ka Amarta.

Baladewa ngisarahan ka nu mundur, dupi maksadna mah, malar Bima hěnteu tjios, ngabudjeng ka puseur Lawanasagara.

Buruk-buruk papan djati sarěng dulur, nanging isarahna, ku Bima henteu kahartos, dikintěnna ukur panganděg ilahar.

Ukur ingguk nganuhunkeun ka Sang Prabu, kana pangangkěnna, bari tonggoj bae mios, maksadna teh něpangan ka para sěpah.

Memeh mulih njělang heula ka kadatun, marék ngadeuheusan, ka Sang Dasarata katong, pěrnah rama saderek Pandu nu sepah.

Taja sanes mung něda djiadna sěpuh, malar hasil maksad, enggalna nu ditjarios, ti Sang Katong ladjeng něpangan Widura.