Kaca:Dewa Rutji.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54

Tunggal keneh kapirama raji Pandu, gělaran Aria, manahna běrěsih saleh, sarta asih rada ondjoj ka Pandawa.

Dumeh eta nu limaan putra Pandu, radjeun dipěrdaja, ku Kurawa anu linjok, mung saena sok kawagěl ku Widura.

Malah kantos Pandawa bade diduruk, saena Widura, rikip maparinna wartos. ¹) dumugi kawiludjěngna para putra.

Harita ge djeung Bima papajun-pajun, pandjang wěwěkasna, supados putra teu tjios, ka sagara milari tjai Pawitra.

Ditěrangkeun jen mung akal Dorna wungkul. malar Bima tiwas, nanging Bima keukeuh bae. henteu tumut piwědjang kapiramana.

Manah keukeuh gembleng pěrtjantěn ka guru, jen pasti běněrna, henteu tjangtjaja jen serong, teu galideur ku wěwěkasna Widura.

Nu ngawagěl ningali anu ngaběrung, teu kalaladjěngan, geus uninga ka panganggo, jen Bima teh gurat batu tara robah.

¹) Aos „Mahabarata” lebah Pandawa Papa