Kaca:Dewa Rutji.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55

Ti Widura Bima teh ngabudjěng tuluj, ka Aria Bisma, kapiejang pěrnahna teh, anu kongas gělar Arja Dewabrata.

leu oge ka Bima pandjang miwuruk, ngawagěl maksadna, nanging wawadi Bisma teh, teu didangu keukeuh bae maksa angkat.

Kinanti

Ti pajuneun ejang mundur, sarta gura-giru mulih, rurusuhan ka Amarta, maksadna teh bade pamit, ka ibu sarěng ka raka, nja kitu ka para raji.

Di djalanna teu katjatur, kotjapkeun bae geus sumping, kasondong sami lalenggah, pangpajunna Dewi Kunti, rada pungkur Judistira, nu ngagedengkeun Drupadi.

Papajun-pajun djeung ibu, Ardjuna anu pinilih, katut Nakula Sadewa, sakěmbaran raka-raji, sami misaurkeun Bima, nu lami teu mulih-mulih.

Dewi Kunti laju alum, paroman prihatos galih, manah sumělang ka putra, nu angkat parantos