Kaca:Dewa Rutji.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56

lami. teu aja wartos-wartosna, sieun pinanggih balai.

Paur bilih puput umur, lastari ngadjadi majit, nja hilang dipontrang heulang, di basisir anu werit, atawa di alas sangar, tur moal aja nu manggih.

Heug pupus teu puguh dumuk, di nu sinaweung-sinawing, hilang teu karuhan tempat. mangkaning djalma teh geuning, leutik ringkang gede bugang, ulah manggih pati la'ip.

Dewi Kunti anu bingung, ka para putra měrědih, supados milari Bima, mun těpang piwarang mulih, kědah papaj ka Astina, paluruh ka Dorna Rěsi.

Sok inggis sabot natamu, aja Kurawa nu djail, nganiaja ti bongohna, boh ku kasar boh ku děmit, da puguh geus pada těrang, jen pikir Kurawa djulig.

Bubuhan nu djadi ibu, manah Kunti benten deui. lir geus aja těrus rasa, jen Bima kenging balai, ku doroi anu lian, nu ngahadja ngarah pati.