Kaca:Dewa Rutji.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57

Bentěn seredetna kalbu, suměblak teu kendat eling, sakapeung ngědjut ngarendjag, pikir gimir miris mingsir, wantuning ibu ka putra, pageuh tjanggreud tali batin.

Nadjan kahalangan gunung, kaalingan ku djaladri, mungguh ibu mah ka putra. taja anggang taja těbih, tjakět bae dina manah, hamo těbih ti panggalih.

Anehna nu djadi ibu, nadjan putra sanes hidji, kanjaahna tara kirang, walatra teu widji-widji, djeung lamun ti antarana, saurang kenging papait.

Manah ibu těras ngangluh, ngiring sedih ngiring peurih, teu kapunah ku nu rea, nanging sawangsulna deui, lamun putra měndak bagdja. lir asa ibu pribadi.

Djalma nu indungna luhung, estu bagdja tanpa tanding, beunghar batan boga ěmas, mulja batan radja dolim, sasat boga gunung Běrkah, nu ngadjaring beurang-peuting.

Sabot nudju guněm tjatur, bět torodjol Bima sumping, atuh sadajana bingah. Kutnji mah