Kaca:Dewa Rutji.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

dugi ka nangis, sarta Bima dirangkulan, bangun trěsna liwat saking.

Sosonoan teu ditjatur, kotjapkeun Bima geus tjalik, sarta gěmět sasauran, njarioskeun lampah tadi, njaba ka gunung Dorangga, milari tjai nu matih.

Dewi Kunti renghap randjug, ngadangu putra wawarti, sakapeung ngusapan dada, bawaning ngangrěs tur kětir, rěngat manahna ku Dorna, nu sidik tekadna djail.

Ka Widura njěbat nuhun, ka Bisma nja kitu deui, nu kěrsa ngawědjang putra, malah kapalajna Kunti, Bima teh ulah rek angkat, tětěp bae tjalik-tjalik.

Ingkang ibu alon njaur: „Meugeus hiděp ěntong indit, ulah ngagugu ka Dorna, tetela manehna djail, pamrihna hiděp pěrlaja, dasar rěsi goreng eusi.

Kudu nurut ka piwuruk, ejang Bisma oge geuning, nja kitu paman Widura, seep-seep nja wawadi, patjuan hiděp rek baha, ka para sěpuh nu asih.