Kaca:Dewa Rutji.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
59

Sabab geus tangtu kasiku, lantaran njorang pamali, djeung ibu teh beda rasa, seredetna sedjen deui, kawas hiděp bakal tiwas. saupama maksa indit.

Puput umur tengah laut, lastari tengah djaladri. boga lampah pamohalan, kawilang barang mustahil, kuat ka puseur sagara, tonggoj ngodjaj beurang peuting."

Harěgěm Bima ngawangsul: „Ku ibu muga dipikir, naon pirupaeunana, lamun kuring tjidra djangdji, udar lisan luntjat mulung, geus njanggupan heug teu indit.

Kuring geus djangdji ka guru, saksina para narpati, jen sanggup ngambah sagara, sarta hasil meunang tjai, lamun seug ajeuna gagal, wirang těměn diri kuring.

Tangtu kasurak ku batur, jen Bima teh ulad-alid, lontjer teu pageuh omongna, boga juni putjuk awi, hirup ge kuring pěrtjumah, taja nu pěrtjaja deui.

Djeung pěrkara pondok umur, kuring henteu leutik ati, upama memang adjalna, maot