Kaca:Dewa Rutji.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60

ditěngah djaladri, manusa mo bisa mungpang, misti bae kudu djadi.

Sanadjan njumput di gunung, disarigsig pagěr beusi, dikěmitan ku nu djaga, ari djangdjina geus něpi, sok aja bae sababna, geusan maot tengah tjai.

Lamun geus kersa Jang Agung, mahluk moal bisa nampik, sabab anu gaduh njawa, taja lian anging Gusti, urang darma katitipan, dipundutna teh geus pasti.

Duka sore duka isuk, pati mo terang di wantji, adjal teu těrang di mangsa, boh di darat boh di tjai, mungguh pasal maotna mah, taja bedana saeutik."

Judistira anu luhung, ka Bima alon ngalahir: „Lěrěs pisan Wěrkudara, pasal pasanggěman jaji, jen urang teu sae tjidra, kědah tukuh kana djangdji.

Nanging jaji kědah emut, nu kumaha ari djangdji, ari emutan kakang mah, pasanggěman jaji tadi, ka paman Pandita Dorna, henteu sah disebat „djangdji”.