Kaca:Dewa Rutji.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61

Nilik kana tekad itu, anu mědal tina djulig. aja karěp nganiaja, saksina djalma utami, nja eta paman Widura, djeung ejang Bisma nu watjis.

Kakang Baladewa Prabu, magar nganděg saur jaji, eta teh sajaktosna mah, maparin isarah rikip, malar jaji ulah angkat, ngadon njampeurkeun balai.

Djeung pangna jaji kapungkur, njanggěman ka Maha Rěsi, djalaran jaji harita, taja pangintěn saeutik, kana djuligna Pandita, jaji mah manah teh běrsih.

Jaji sing emut ka ibu, nandangan prihatos galih, lamun ku jaji ditilar, djeung deui pěrkawis pati, papada jaji pěrlaja, lajonna sing katingali.

Dipulasara ku ibu, ku saderek sarěng wargi, ulah hilang teu karuhan, tambuh enggon tanpa warti, tjinděkna mah paeh nista, tah eta kědah didjagi."

Bima ka raka ngawangsul: „Pilahir kakang Darmadji, ku kuring kaharti pisan, wawadi tanda jen asih. ngan kuring teu wěrat nampa, rek tětěp mageuhan djangdji.