Kaca:Dewa Rutji.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62

Hanas eta Maha Wiku, aja manah djail děngki, tjek kuring mah henteu njata, urang hěnteu sidik jakin, ukur těrka djeung pangira, jen rek ngalědjokeun kuring.

Tapi nadjan běněr kitu, kuring teu inggis teu gimir, mun geus něpika pastina, paeh ku karinah děngki, eta mah moal kumaha, mana kitu ge geus takdir.

Ngan upama seug teu tulus, Kurawa teh tada teuing, mojok sarta ngahinana, njarěbut kětjing ka kuring, nja tjidra nja hajam lamba. djělěma adjrihing pati.

Da urang teh enggeus tangtu, teu kalis ku njěbut „djail”, kudu sidik djeung buktina, jen paman Dorna teh dengki, ulah satuding-tudingna, bisi malinděs ka diri.

Djeung lamun ěnja teh kitu, andjeunna sugěma pikir, ka kuring rek njabut njawa, ku djalan djulig tur děngki, tah eta hina nistana. nja di andjeunna pribadi.

Djeung pěrkara puput umur, ari tjek ingětan kuring, nangtukeun hina muljana, lain ku