Kaca:Dewa Rutji.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
63

godjodna majit, eta mah wungkul lahirna, batin mah da beda deui.

Upamana hidji ratu, nu djulig murka tur dolim, heug pupus di kadjuaran, di karaton lěbět puri. diliung ku para warga, katut gěgěden nagari.

Tjek kuring mah eta ratu, atjan puguh mati sutji, sukmana mah palangsiang, djol blus ka naraka mandjing, gěde dosa urut murka, sukma, kotor sesa dolim.

Sabalikna ti nu kitu, aja hidji tjatjah miskin, tapi bageur hade lampah, to'at ngabakti ka Gusti. ati putih badan bodas, tjinděkna sukmana sutji.

Mun seug eta djalma kitu, maot titeuleum di tjai, ku djuligna anu lian, asana teh abong deui, lamun kudu paeh-nista, tjara tadi radja dolim?

Sabab mungguh Maha Agung, ngukurna mulja djeung laip, henteu ditingal pangkatna, teu nilik beunghar djeung miskin, tapi amal ibadahna, mana nu saleh nu djail

Anu takwa ka Jang Agung, hade lampah hade ati. hade ka papada umat, tah eta anu