Kaca:Dewa Rutji.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64

diasih, djeung hukumna anu hilang, di mana-mana ge sami.

Di leuweung di těngah laut, di gunung di těgal keusik, di gědong di pangpěrangan, mun iman mantěp ka Gusti, eling ka Maha Kawasa. teu kaitung paeh laip.

Bedana ngan ukur kudjur, tjangkang nu geus leungit eusi, nu hilang di pasampangan, teu dipulasara rasmi, teu tjara hilang di imah, diurus diapik-apik.

Tapi mun gilig gumulung, ihlas tjlak herang tjlik putih, geus teu milih těmpat hilang, teu owěl ku djisim laip, ngabelaan tekad mulja, hilang di mana ge sami."

Sinom

Katempas saur ku Bima, Judistira sarěng Kunti, hěnteu iasa ngadjawab, sadjongdjongan sami djěmpling, nanging teu kantos lami, Ardjuna madjěng ka pajun, alon tartib dat njěmbah. sagala sing sarwa rintih. sirna rineh djatnika pinuh wiwaha :

„Kulanun pilěnggah kakang, ieu kuring anu laip, hapuntěn bade undjukan, sasatna njiduh