Kaca:Dewa Rutji.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65

ka langit, sarehing kumawani, miwuruk saderek sěpuh, tina bawaning trěsna, sapapait-samamanis, asa dosa upami hěnteu haturan.

Kasauran kakang Bima, sidik lantip tur binangkit, utjap biněkas pěrtjeka, mung bae kakang teh tali, kana hidji pěrkawis, wadjibna anak ka indung, kědah tumut saurna, sabab mun indung wawadi, biasana sok pěrbawa těrus rasa.

Jen anakna rek tjilaka, djeung kětjap indung teh matih, mun dirěmpak sok katulah, matak teu djamuga diri, kakang ge kitu deui, mugi sing tumut ka ibu, komo lamun dimanah, jen nu sanes rea deui, nu ngawagěl kana pamaksadan kakang.

Ngawitan paman Widura, ladjěng ejang Bisma Rěsi, djabi kakang Baladewa, sinarěng kakang Darmadji, nja kitu deui kuring, malah ieu nu di pungkur, Nakula djeung Sadewa, sanadjan ěmbok Drupadi, moal rěmpag lamun kakang keukeuh angkat.

Tah eta teh sadajana, kenging oge djadi tawis, jen maksad kakang teh lěpat, djeung upami palaj bukti, itikad Kurupati sing emut

Dewarutji
5