Kaca:Dewa Rutji.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66

bae kapungkur, ka djaman Purotjana ¹), urang meh-meh djadi majit, mun teu aja pitandang paman Widura.

Dupi bukti kaduana, njampak di kakang pribadi, djaman di gunung Dorangga, tarung djeung dua rasěksi, magar milari tjai, bukti dilědjokeun wungkul, ana heug katanjaan, eta paman Dorna Rěsi, ladjeng ekol magar teh kalirt njebat.

Memang bakatna Kurawa, ka urang teh ti aalit, mung djulig děngki hianat, ari pětana ku rikip, kitu pihatur kuring, mugi sing paos diemut, dupi pasal pupus mah, teu pandjang pisanggěm kuring, memang lěrěs sakumaha saur kakang.

Kitu ge aja nangingna, sanes tina pasal majit, atanapi pasal sukma, eta mah tjotjog djeung kuring, ieu mah bentěn deui, nja eta anu dikantun, ibu djeung para kadang, matak panasaran galih, lamun kakang pupus teu puguh těmpatna.

Malah ibu palangsiang, ku bawaning sědih galih, boa tēras henteu damang, malah kapaur


¹) Aos Pandawa Papa „Mahabarata”.