Kaca:Dewa Rutji.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
67

teh leuwih, tina teu damang tadi, seug dipundut ku Jang Agung, eta teh batinna mah, nja kakang nu djadi margi, mun geus kitu barubah teh sanagara.

Talunganan madjěng pěrang, němpuh musuh mapag djurit, ibu ge taja wagělan, kitu deui para wargi, nanging lamun lastari, pupus ku ditipu batur, bentěn deui raosna, matak panasaran pikir, moal sadrah hate teh teu kendat ngentab."

Bima minděl lami pisan, reh kapeupeuh ku kang raji, rumaos kawon bitjara, manah tuluj rada sabil, aja tumut ka raji, aja tumut ka Sang Wiku, teu lami sasauran, tur bangun geus buleud gilig : „Ah kapalang geus njěbut sanggup ka Dorna.

Kuma engke balukarna, teu ngaborongkeun Jang Widi, andjeunna anu kawasa, kuring ajeuna rek indit, panuhun taja deui, mung pangdu'a nu kasuhun, malar salamět awak, masing bisa balik deui, sarta hasil meunangkeun tjai Pawitra."

Bima lungsur ti paměngkang, djolag-djolag angkat gasik, sakedap geus teu katingal, olohok