Kaca:Dewa Rutji.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68

nu sami linggih, kaget lěběting galih, taja nu ngintěn rek kitu, Kunti lěs kapidara, Drupadi munggah ngadjěrit, atuh gujur eusi puri sadajana.

Nakula sarěng Sadewa, sami rikat mangkon Kunti, ditjandak ka kadjuaran, diebogkeun dina katil, enggalna nu digurit, dumeh pada ngagugulung, Dewi Kunti teh damang, rosa nangis bangět sedih, nu disambat taja deui djabi Bima.

Unggal dintěn dilělědjar, siang wěngi pada ngaping, diběběrah dibibingah, rada oge damang deui, malah ladjěng samadi, mantěng muntang ka Nu Agung, malar wiludjĕng putra, ditěbihkeun ti balai, enggal mulih tur hěnteu aja kakirang.

Sigěg anu di Amarta, Bima urang tjatur deui, geus kaluar ti nagara, ngambah leuweung rembět rumpil, matak sieun djeung kětir, panonoban badak maung, gadjah djeung nu lianna, sato galak oraj matih, matak pugag anu kurang wawanen mah.

Kawas keuna pangabaran, eta sato leuweung tadi, anu kapanggih ku Bima, taja anu njisikudi, malah lir sieun adjrih, maung tunduk datang