Kaca:Dewa Rutji.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
69

tjumbu, badak gadjah darěpa, adjag lir ngarendjag pikir, oraj numpi taja nu ganggu ka Bima.

Tonggoj djongdjon lampah Bima, sindangna mung ari wěngi, minangka ngeureunan palaj, kulěm dina luhur kai, lumaku milang sasih, djědjěg njuktjruk gunung tudjuh, kadalapan disorang, tuang leueut teu ditolih, kasangsara sadrah minangka tatapa.

Etang-etang ngisat raga, bari muntang ka Jang Widi, mantěng ka anu ngajuga, něněda waluja diri, tur maksad enggal hasil, manah teu kěndat měněkung, enggal nu ditjarita, lampahna Bima geus dugi, ka basisir sisi Lawanasagara.

Basisir bangět waasna, titingalan matak rěsmi, ningal lambak silih udag, njeblokan kana kikisik, sorana lir nu tjeurik, ngawagěl ka putra Pandu, ulah ngambah sagara, siga nu ngadjurung mulih, tjai laut lir anu sungkan disorang.

Nanging sugri kawaasan, ku Bima teu katingali, bawaning tjěngěng manahna, muntang ka Gusti Jang Widi, andjeunna di basisir, teu kantos lami ngalantung, djalaran rosa maksad,