Kaca:Dewa Rutji.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70

gilig teu galideur deui, Bima antirub geus ngaraas di sagara.

Ti sisi madjěng ka tengah, ngawitan lěrěsan imbit, wuwuh madjeng sěmět paha, wuwuh těngah djero deui, Bima ngambahna tjai, parantos sěmět harigu, tur kateumbagan ombak, sotja karaosna peurih, teu ditolih andjeunna maksa ka tengah.

Wuwuh djěro dumeh něngah, parantos teu napak deui, nja kapaksa těras ngodjaj, ombakna neumbagan tarik, Bima kabuntang-banting, ngodjajna teu pati ladju, saena kiat bědas, lami-lami madjěng těbih, daratan ge parantos hěnteu katingal.

Pangkur

Sinigeug Bima nu ngodjaj, njělang heula katjatur hidji nagri, Darawati anu mashur, djěmbar gěmah rahardja, pasir wukir loh djinawi pandjang-pundjung, dajeuhna teh Meralaja, kongas endah rěsmi rěsik.

Anu djuměněng nalendra, Sang Batara Krěsna andanawarih, titisan Batara Wisnu, putra Sang Basudewa, saderekna Sang Baladewa