Kaca:Dewa Rutji.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95

mun dipake kahadean, matak njalamětkeun diri.

Djeung matak guna ka batur, tiis dingin sĕpi tingtrim, kěrta dumeh taja murka, silih asuh silih asih, silih djaring silih djaga, pada-pada mahluk Gusti.

Tapi mun pake teu puguh, eta akal reudjeung budi, moal kurang mamalana, ka nu lian matak rugi, ka urang moal djamuga, da kaběndon ku Jang Widi.

Dunja tangtu djadi kusut, lidig dumeh kagiridig, ku paněka akal djahat, geuleuh ku rendahna budi, pinuh kěběk ku basilat, tipu palsu linjok litjik.

Tapi mungguh Maha Agung, tangtu pisan moal widi, laku djahat tara lana, awal ahir sok kabasmi, sok aja bae djalanna, geusan apěsna nu djulig.

Djalan untung meunang nipu, nadjan sugih moal muklis, nadjan beunghar moal mulja, wawalesna sok kapanggih, sanadjan henteu ku urang, ku anak intju mah pasti.