Kaca:Dewa Rutji.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94

Napsu tea upama tĕrus digugu, mo aja seubeuhna, tampolana tuluj mĕrod, diawěrna nja eta ku budi akal.

Budi~akal nu dipake mangkring napsu, sangkan teu tjilaka, „těmahwadi” ngaranna teh, mun saimbang ngaranna djadi „wiwaha”.

Mungguh napsu djadi panggědena musuh, lamun teu ditahan, pohara ngagaksakna teh, tara eureun lamun badan tatjan ruksak.

Sabalikna mun djalma teu boga napsu, matak taja hodjah, kitu-kieu masabodo, kintjup kěmba djalma euweuh kabudajan.

Paeh karěp djalma anu suwung napsu, sagalana sungkan, kitu ěmbung kieu hese, hěnteu beda ti artja aja njawaan.

Tjinděkna mah mungguh djalma anu hirup, katjida pěrluna, kaantjikan ku napsu teh, ngan makena kudu reudjeung kira-kira.

Kinanti

Sinar hideung teh sakitu, sinar koneng boga harti, sasmitaning budi-akal, ieu teh anu utami,