Kaca:Dewa Rutji.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
93

Urang papaj hidji-hidjina sing puguh, sinar hideung tea, těgěsna napsu nu jaktos, napsu tea těmpat ngumpulna kahajang.

Gěrakna teh dina karěp reudjeung maksud, upamana tea, napsu karep djeung maksud teh. ditudjukeun kana hidji kahadean.

Dibarěngan ku akal budi nu alus, tjukup wawanenna, prak didjalankeun sing saleh, tangtu pisan matak djadi kasěnangan.

Nadjan maksud tea teu parěng dikabul, hěnteu matak tjatjad, urang moal kapigoreng, sabab lain ngalampahkeun kadjahatan.

Sabalikna saupama eta napsu, dilojogkeunana, kana maksud nu teu hade, dibarengan ku wawanen reudjeung akal.

Tangtu pisan matak ngarugikeun batur, sarta madawana, nja ka awak urang keneh, moal henteu badan anu katěmpuhan.

Awal ahir malinděsna teh geus tangtu, urang ngarandapan. „bubuatan" urang keneh, moal burung njěri peurih nu kapěndak.