Kaca:Dewa Rutji.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92

ti maksud ejang, tjing tjoba ajeuna tendjo, tjahja tea gumulungna sabaraha?"

Bima tjěngkat nigali tjahaja nu ngěmpur. bět luslěs teu aja, kantun opat nu katembong, warna hideung koneng beureum sarěng bodas.

Pok undjukan ka Dewarutji nu luhung: „Ejang eta tjahja, kari opat nu katembong, naha naon eta tjahja teh hartina?"

Nu ditaros ka Bima alon ngawangsul: „Eta opat sinar, eusi" djasad nu sajaktos, nu tilu teh sok mangaruhan nu bodas.

Tjahja hideung karěp atawana napsu, ari nu koneng mah, budi-akal hartina teh, tjahja beureum wawanen anu sanjata.

Sinar bodas kasutjian anu estu, běrěsih tur njatjas, watěkna sadrah tur saleh, tara sieun tara guguan rendjagan.

Hideung koneng djeung beureum eta nu tilu, upama nangtungna, dina tatapakan hade, matak bagdja mawat rahardjaning dunja.

Tapi lamun serong nangtung dina kiruh. tangtu pamawana, kana goreng djeung pagetreng, matak sangar dunja teh awut-awutan.