Kaca:Dewa Rutji.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91

Panon tjeuli letah kulit reudjeung irung, baroga kahajang, tur lain sarupa bae, djeung teu punah ku sakali ditědunan.

Lamun eta kabeh kahajang digugu, taja panjandětna, „hawěk" tea ngaranna teh, balukarna nja matak djadi ngaruksak.

Nu geus puguh matak ngarugikeun batur. disěbutna murka, mawatna kana běděgong, dibarengan tělěngěs gangas tur djahat.

Henteu era goroh bohong nipu malsu, teu nolih nu lian, gěpeng pědjet mangsabodo, asal bae manehna ngeunah sorangan.

Saupama eusi dunja djiga kitu, pasti moal aman, tangtu kusut djeung tjerewed, itu ieu silih gěmpur silih arah.

Sabab nadjan kahajang tea diturut, lulus ditjumponan, ngan saheulaanan bae, ěngkena teh hajang deui malah tambah.

Ku hal eta urang kudu bisa měgung, djeung mangkring kahajang, ulah sagala didolos, sabab tangtu moal hade balukarna.

Ajeuna mah hiděp oge ěnggeus tangtu,