Kaca:Dewa Rutji.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90

Harita teh duka di handap di luhur, asa teu kantěnan, ku Bima němbe karaos, jen sampean henteu aja nu didampal.

Sahandapeun sampean teh kosong suwung, luhureun mastaka, sami bae suwung keneh. matak helok teu uninga lěbah mana.

Sabot kitu ningal tjahja njorot ngěmpur, pirang-pirang warna, beureun bodas hedjo koneng, paul wungu hawuk kajas wulung djingga.

Mun diitung geus tangtu mangrebu-rebu. pasělup-pasělang, padjeudjeut patjorok-tjorok, munggah nganjam pasusun patumpang-tumpang.

Bima njaur ka Dewarutji nu luhung: „Titingalan kula, aja tjahja ewon-ewon, mun dibilang warnana moal kabilang.

Naon tea hartina anu saestu, kula hajang těrang." Dewarutji pok ngawalon: „Eta tjahja lir kahajang pantjadria.

Kahajang teh mun diitung teu kaitung, taja kaseubeuhan, djeung asalna kahajang teh, mědal tina gětěr pantjadria tea.