Kaca:Dewa Rutji.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89

Putjung

Bima bengong olohok lami kalangkung, těras sasauran: „Kula masih keneh helok, ari tadi poek teh naon hartina?"

Dewarutji ngawalonna bari imut: „Harti poek tea, eta mah sasmita bae. minangkana urang „aja di euweuhna".

Těgěsna teh aja tapi teu ngawudjud, teu atjan gumělar, atjan ngadjirim katembong, anu matak tas poek tuluj braj tjaang.

Minangkana urang geus gělar ngawudjud, aja di kieuna, tapi sanadjan kitu ge, atjan boga akal budi pantjadria.

Tjoba hiděp ajeuna mangka saestu, sing těgěs sing awas, něngětan anu katembong, manggih naon djeung djiga naon rupana?"

Ladjěng Bima ningal ka gigir ka pajun, ka luhur ka handap, ka pungkur dilieuk kabeh, langkung aneh bět teu aja nu katingal.

Jaktos tjaang tur paningal teu kaganggu, nanging opat madhab, katut luhur-handap kosong, titingalan lowong teu aja tungtungna.