Kaca:Dewa Rutji.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88

Leuwih pětěng batan peuting, nadjan tjuruk deukeut mata, ku kula hěnteu katendjo, kula teh kudu kumaha, djeung ejang teh di mana, pangdenge kula teu djauh, djiga di hareupeun pisan."

Geus tamat Bima ngalahir, sakědap netra braj tjaang, lir tjaangna těngah poe, tapi teu ngarasa panas, djeung henteu pisan serab, tjaang tapi tětěp iuh, djeung hawa segěr ngareunah.

Ari nu leuwih adjaib, dumeh di pajuneun Bima, tetela atra katembong, aja Dewarutji lenggah, sarupi nu ngantosan, Bima kaget ladjěng njaur: „He mahluk maneh teh saha.

Bět ku njěples Dewarutji, naha maneh teh dulurna?" Nu ditaros pok ngawalon: „Hiděp ulah kasamaran, ejang teh saenjana, tunggal Dewarutji estu, anu keur tadi di luar.

Sabab mungguh Nu Sadjati, di mana-mana ge aja, henteu arah hěnteu ěnggon, teu indungan teu bapaan, sarta hěnteu anakan, teu didjěněngkeun ku batur, sipat Langgěng tur Ti Heula."