Kaca:Dewa Rutji.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87

Ku kula hěnteu kaharti, kudu ti mana djalanna, sabab awak kula gěde, boro boro kudjur badan, peureup ge tangtu mělag, kuma rek bisana asup, asa pamohalan pisan."

Njeuleukeuteuk Dewarutji: „Hiděp ulah kaewuhan, djalan asup teh teu hese, abus tina tjeuli ejang, ieu tjeuli nu kentja, ulah bingung dumeh lěmbut, anggur hěmpek geura tjoba.

Bima panasaran galih, ka Dewarutji njaketan, ladjeng kana tjěpil němpo, estu aneh matak heran, tjěpil teh bět lalěga, kalajan gampil blus abus, geus aja di lěbět raga.

Poek mongkleng buta radin ¹), pětěng dědět buta rata, teu awas ka naon-naon, Bima teu kintěn ewědna, henteu kantěnan pěta, mundur tambuh madju paur, ladjeng ngadjěngdjen teu obah.

Sabot kitu ngong kakuping, sidik anu sasauran, Dewarutji nu njaur teh: „Eh hiděp Bima kumaha, naon anu katingal?" Bima kaget pok ngawangsul: „Tobat ejang poek pisan.


¹) Sanes „radjin”. Radin hartosna rata. Buta radin (buta rata) těgěsna lir nu lolong rata teu panonan, teu awas meueus² atjan. Saleresna pisan mah wuta radin.