Kaca:Dewa Rutji.pdf/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86

malah ngabasakeun ejang, asa ku teu měrěnah, sabab lamun ngukur umur, tangtu pisan kolot kula."

Gumudjeng Sang Dewarutji: „Mungguh hiděp reudjeung ejang, ejang nu leuwih kolot teh, dalah ejang Abiasa, Bisma djeung Tjitranggada ¹), atawa ujut Santanu, kabeh sahandapeun ejang.

Nadjan mapaj Prabu Asti, těrus ka Prabu Barata, karuhun hiděp nu sohor, teu mapakan ka ejang mah, kabeh ge sasat budak, teu aja nu langkung sěpuh, mun dibandingke ka ejang.

Nja ejang Si Muladjadi, djeung mun hiděp teu pěrtjaja, hade hidep asup bae, kana djěro awak ejang, ěngke geus tangtu měndak, nu anehna sakalangkung, di dunja taja bangsana."

Bima teh ladjěng ngalahir: „Kula lain teu pěrtjaja, ngomong soteh dumeh helok, saumur kakara měndak, nu sakti tjara ejang, komo ieu nitah asup, ka djěro salira ejang.


¹) Pandjangna, aos: „Luluhur Pandawa” Mahabarata.