Kaca:Dewa Rutji.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85

Bilikna kuningansari. lantena salaka mubjar, tihangna ku ěmas kabeh, ari para ku tambaga, hateupna ku suasa, lawangna kantjana murub, kitu deui djandelana.

Aambeuan sarareungit, matak rasmi kana rasa. tur hawana segěr raos, hěnteu tiris teu hareudang, matak djagdjag salira, parabot imah aralus, singsarwa aheng tur endah.

Unggal medja geus sajagi, rupi-rupi katuangan, buah-buah kitu keneh, leueuteun taja kakirang, eta teh sadajana, pangěrsa Batara Guru, ngabidjilkeun pangawasa.

Pok ngalahir Dewarutji: „Tah di dieu tumaninah, raos kanggo tjatjarios, hiděp di dieu sing senang, ulah rek asa-asa. Bima pěrlente ngawangsul, bari hěnteu wěleh heran:

„Kaula wěleh tjan ngarti, kana ieu kaahengan, djeung ka salira andjeun ge, nadjan geus těrang djěněngan, masih ngarasa samar, na'saha andjeun teh atuh, anu saĕnja-ěnjana.

Djeung eta andjeun teh geuning, ongkoh nja leutik nja budak, tapi ngomong tjara kolot,