Kaca:Dewa Rutji.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84

bar sapasang, Nakula djeung Sadewa, matak deudeuh ku pahatu, geus teu ibu geus teu rama.

Sakitu ejang wawarti, seheulaanan mah tjěkap, mangga urang timbul bae, tjalik ka rorompok ejang, di dieu ěntong lila, ěngke lamun geus di ditu, urang tjatjarita pandjang."

Enggal bae Dewarutji, sami timbul sarěng Bima, geus timbul teh Bima kaget, bět aja di hidji nusa, pulo endah katjida, tur měntjil di tengah laut, teu aja deui baturna.

Eta pulo těgěs leutik, ngan tjukup keur hidji imah, djeung buruanana bae, nu dibalaj ku pěrmata, rupa-rupa sosotja, heug tamansarina lutju, lir taman Dewa Asmara.

Djukut lir alkětip wilis, sutra anu lěměs tea. pagěrna diaheng-aheng, rudji-rudjina malela, make dirěngga-rěngga, gapurana hurung mantjur, ěmas nu ruhaj burahaj.

Tjara tjatjapit kapiting, dina meundeut djeung mukana, tur muka-meundeut ku maneh. Dewarutji sarěng Bima, geus ngalangkung gapura, matak helok sakalangkung, ningal kaanehan imah.