Kaca:Dewa Rutji.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83

saějana, dumeh djahat niatna, arek ngalědjokeun wungkul, malar hiděp tuluj hilang."

Bima kaget liwat saking, ka djalma kate waspada, geus teu sak manah Bima teh, jen Dewarutji teh Dewa, nu nulungan andjeunna, Bima bingah bari njaur, ngědalkeun kaheran manah ¹).

„Eta omong andjeun tadi, sakětjap ge hěnteu salah, tapi kula masih helok, andjeun teh geuning bět těrang, kana maksud kaula, kana ngaran ge pon kitu, kawas nu geus loma-pisan."

Dewarutji njaur deui: „Ejang memang těrang pisan, kana djudjutan hiděp ge, rama hiděp teh nu njata, Pandu djěněnganana, tapi ari nu saestu, Sang Baju anu ngajuga.

Tuang ibu Dewi Kunti, putra Prabu Kuntibodja, hiděp teh boga saderek, dua saibu-sarama, nu sepuh Judistira, Ardjuna saderek bungsu, ari hiděp nu paněngah.

Saderek teh aja deui, misah ibu tunggal rama, Madrim ibu kawalon teh, putrana


¹) Panganggo Bima: sasauran sareng saha bae oge tara basa lěměs.