Kaca:Dewa Rutji.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82

Bima bangět ewěd galih, henteu kahartos ku akal, dugi ka djadi kitu teh, dumeh teu tiris teu eungap, tur salira waluja, djung ngaděg kersana timbul, bade ka beungeut sagara.

Nanging barang larak-lirik, dina lěbah „tangkal" karang, bět ningali djalma kate, gědena ukur satěpak, tur njěples lir andjeunna, Bima kagetna kalangkung, wuwuh-wuwuh bae heran.

Ngagěrěm Bima ngalahir: „Eh maneh nu djiga djalma, naha maneh mahluk naon, gandarwa naha manusa, sarta naon sababna, bět aja di dasar laut, naon anu diteangan."

Pok ngawalon Dewarutji: „He Bima mangka waspada, sarta poma ulah kaget, ejang teh nu saěnjana, ka hiděp ngahirupan, nja ejang anu saestu, nu ka hiděp rek miwělas.

Ngaran ejang Dewarutji, ngarasa bangět teu tega, nendjo hiděp tadi maot, tas pěrang djeung Němburnawa, djeung ejang těrang pisan, jen pangna hiděp ka laut, dumeh ngagugu ka Dorna.

Dititah neangan tjai, ngaranna tjai Pawitra, padahal eta teh bohong. Dorna mah nu