Kaca:Dewa Rutji.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81

Djagatnata ratuning Dewadi, ka lajon teh měntjrong, wantu-wantu Dewa nu murbeng-reh. kapalajna sadajana djadi, taja nu mustahil, mo-al hěnteu makbul.

Geus ngěrsakeun Bima hirup deui, lir nu gugah ebog, djeung salira nu bareuh geuneuk teh, tilas peurah Němburnawa tadi, ajeuna geus pulih, biasa kapungkur.

Djeung sanadjan dina djěro tjai, tětěp bae raos, henteu eungap lir di darat bae, asa njeuseup hawa sěgěr běrsih, sarěng hěnteu tiris. asa anggěr tuhur.

Asmarandana

Njah beunta kulisik tanghi, lir anu tas kulěm tibra, sadjongdjongan běngong bae, dumeh bentěn titingalan, asa dina impenan, lami pisan ngemut-ngemut, djeung ngarampaan salira.

Nanging da sidik teu ngimpi, hěnteu ngalindur teu gundam, teu sasar atawa mabok, mung tetela pindah alam, dina dasar sagara, sarta emut jen tas tarung, reudjeung naga Němburnawa.

Dewarutji
6