Kaca:Dewa Rutji.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80

Njěbat andjeun nami Dewarutji, enggalna tjarios, geus djol sumping ka sagara bae, ningal Bima sangět ngangrès galih, djalma běrsih ati, „dilělěpkeun" batur.

Saparantos Sang Batara sumping, dunja anu gendjong, ngadak-ngadak adjeg deui sae, gunung reureuh laut oge tjitjing, sarta angin palis, raat hudjan lěbu.

Panonpoe oge tembong deui, sinarna montjorong, langit lenglang sabiasa bae, djagat pulih sakuma sasari, tjai palid deui, kakajon salubur.

Bima kalěm dina djěro tjai, lalaunan alon, dasar laut lir sungkan nampi teh, nampi lajon djalma putih bersih, wadal napsu djail, laku guru palsu.

Katingali ku Sanghyang Pramesti, Bima djadi lajon, bangět wělas Batara Guru teh, pok ngalahir: „Udjang deudeuh teuing, bět něpi ka pati, ku mantěp ka guru.

Abong ěnja hiděp běrsih ati, lěmpěng tara serong, ka batur ge njangka bersih bae, henteu aja timburu saeutik, ieu komo deui, ka guru pinundjul."