Kaca:Dewa Rutji.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79

poek, panonpoe surup memeh wantji, sieun keueung kětir, eusi dunja gugup.

Paněkana dunja anu gondjing, ku Dewa karaos, di sawarga bajeungjang nereptep, tatangkalan ngadadak gararing, musna kabeh sari, djadi měděm alum.

Ěmas hurung tjahajana leungit, sakur nu montjorong, djadi paut djeung rarumeuk kabeh, balong saat tjai hěnteu palid, djeung poek lir magrib, tur gugur gumuruh.

Geus waspada Sang Hyang Otipati, jen anu sajaktos, sadajana eta teh totonde, gara-gara Bima kěneng pati, panggawe nu djail, malar puput umur.

Sang Batara Guru anu sidik, tur iasa rastjlok, ladjěng bae saharita keneh, kěrsa lungsur ka těngah djaladri, lěbah nu lastari, Bima anu pupus.

Sarta njamur djadi djalma alit, anu kate tjabol, tur pameunteu ti Bima teu geseh, lir saderek kěmbar raka-raji, sarta gěntos nami, salamina njamur.