Kaca:Dewa Rutji.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78

Saparantos ngantun beungeut tjai, lajon teu katembong, ngadak-ngadak laut motah mojeg, kawas anu gideug ěmbung nampi, lajon djalma běrsih, ka djěro tjilaut.

Ombak laut lir gunung ngadingding, tur mang-ewon-ewon, lir ngarědjat njingkah ti lajon teh, dibarěngan ngagělěbug angin, tarik leuwih-leuwih, ti djamparing mabur.

Ngagěrungna lir hatong sakěti, dunja lir digěbos, tjai laut djiga sina bahe, tanding Baju ¹) nu keur běndu galih, rek ngabasmi bumi, sina amburadul.

Bumi gendjlong munggah gundjang-gandjing, lir parantos rejod, asa kantun bro ngagěbro bae, tanding Anta ²) nu bade ngabasmi, malar burak-barik, sina lěbur adjur.

Gunung-gunung tinggělegěr muni, djagat munggah lendjong, turug-turug hudjan lěbu


¹) Baju (Dewa Angin) teh „rama gaibna” Bima.
 
²) Dina babon Hindu Anta (Ananta) teh nja eta Batara Basuki, Dewa Oraj nu ngageugeuh dasar bumi. Dina kanda Djawa, Anta teh Antaboga, naga nu ngageugeuh bumi, mertua Bima, rama Nagagini, ejang Antarědja, Dina padalangan Sunda Antaboga teh sok aja nu njebat Nagapěrtala.