Kaca:Dewa Rutji.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77

manehna djail-djail teuing, tulung ibu Kunti, aduh ibu aduh.

Pileuleujan deudeuh bumi-langit, panungtungan nendjo, nja arandjeun anu njaksian teh, adjal kami ku panggawe djulig, titeuleum di tjai, djadi budah laut.

Duh Jang Agung Gusti Maha Sutji, ieu kuring maot, ihlas pisan masrahkeun njawa teh, ka nu gaduh pati reudjeung hurip, mun něpi kadjangdji, njawa kudu mungkur.

Batan hirup nandangan kanjëri, měnding oge maot, muga dosa dihampura kabeh, anu gěde reudjeung anu leutik, nu samar nu sidik, nu ebreh nu njumput."

Ningal Bima estu matak watir, kersaning Jang Manon, nja harita pinanggih mangsa teh, puput adjal dumugi ka pati, teu kenging sumingkir Bima misti pupus.

Lajon Bima tina beungeut tjai, kalěmna teh alon, lir nu sungkan ka dasar laut teh, sapertos nu palaj timbul deui, ka Amarta mulih, tobat ka kang ibu.