Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
96

Hartina ijeu dongeng: loembrahna djalma daekannana koedoe dibibitaän koe radja brana, geus tetela pĕpĕlakan teh hadena koedoe diome taneuhna, oelah bala, lamoen teuas taneuhna, koedoe diome diboelak-balik.


116.

MANOEK.

Aja hidji lĕmboer, pakarangannana dikoebĕng koe pagĕr. Keur mangsana tatangkalannana oesoem kĕmbangan, seungitna kĕmbang kaãmbeu kaloewar, sarta reja manoek warna-warna noe njeuseupan kĕmbang salĕganing pakarangan eta. Keur oesoem boewahan boewah kaweni, ramboetan, doekoeh, sagala boeboewahan leubeut datang ka gemplek. Barěng boedak pilěmboeran sok daek ngala manoek, disoempitan djeung diala sajangna, lawas-lawas beuki tjarang manoekna, toengtoengna boedal kabeh manoekna, sijeunneun disoempitan, taja hidji-hidji atjan di pakarangan eta, datang ka geus teu kadenge sora-sorana atjan. Sanggeusing kitoe hileud mĕtjah, napoek di oenggal tatangkalan, datang ka reja no paeh tangkalna, noe hiroep hanteu daekeun boewahan, daoenna rigil dihakan hileud; ari keur loba manoek di dinja taja hileud, sabah bejak dihakanan koe manoek.

Hartina dongeng ijeu: oelah gantjang noempoerkeun sato-sato, noe dikira djadi hama, bisi djadi tambah hama noe leuwih goreng ti batan eta; koedoe pikir heula pitěmaheunana. Tjara eta tjaladi djeung beker, geus tetela ngahakanan hileud di sawah sĕrta hileud tatangkalan, lamoen diroeksak eta manoek, sasat ngaroeksak diri pribadi.