Lompat ke isi

Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95

Menak noe njĕpĕng bĕbĕnĕran ngareungeu omong semah ti sedjen nagara, toeloej mariksa ka noe ngomong teh, saoerna: Di nagara maneh koemaha aja srĕngenge? Wangsoelannana: Soemoehoen aja. Menak noe njĕpĕng adil mariksa deui: Di nagara maneh hoedjan? Soemoehoen aja. Menak noe njĕpĕng adil teh, ngalahir: Nja aheng, di nagara maneh aja ĕmbe djeung sapi? Wangsoelannana: Soemoehoen aja. Toeloej njaoer deui menak teh: Noe dipaparin koe Goesti Allah, tjahja srĕngenge djeung hoedjan teh, lain maparin ka manoesa di nagara maneh mah, nja eta maparin ka hewan, ana kitoe mah, djalmana teu meunang dipasihan kabeh oge.

Hartina ijeu dongeng: nagara noe kaleungitan koe kaoetamaän djeung bĕnĕr, sapapandjangna moal manggih kasalamĕtan djeung kabĕrkatan, samangsa menakna hanteu adil, tangtoe roentang-ranting dajeuhna.

__________

115.

PAKARANGAN.

Aja hidji djalma boga anak tiloe, barĕng ĕnggeus deukeut kana maot, lemek ka anak-anakna, pokna: Agoes, lamoen bapa geus nĕpi ka adjal, teu aja pisan titinggal keur maraneh, ngan ijeu saoeng katoet pakarangannana; tapi sadjro pakarangan ijeu aja pĕpĕndĕman radja brana; kali mangka gĕmĕt soepaja kapanggih. Barĕng bapana geus maot, eta anakna tiloeannana gĕtol matjoel dikĕbon, ditoegaran salĕgana pakarangan, tapi teu manggih ali-ali atjan, taja ĕmas taja perak.

Sanggeusna dipatjoel djeung dikali, tatangkalannana marontok kabeh sarta boeahna laleubeut meuhpeuj, ngoengkoelan samemeh dipatjoelan, sapoeloeh kali nikĕl. Boedak noe tiloe ingĕt kana omong bapana bareto, behna mah noe dibasaän radja brana teh katjoekoelan, pĕpĕlakan kabeh djadi radjabrana,