Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

94


114.

PEPENDEMAN.

Aja doewa "djělěma oerang pilěmboeran, ngadeuheus kahoekoem, njoehoenkeun běběněran adil, tjatoerna noe hidji: Poerwana koering ngadeuheus , meuli pakarangan ti ijeu tatangga koering , bareng diotjek taneuhna, manggih pěpěnděman, asa tatjan kenging dipiboga koe koering,sabab akadna meuli soteh koering mah taneuh djeung pěpělakan bae.

Hatoerannana tatanggana: Nadjan koering teu ngadjoeal pěpěnděman, sabab lain anoe koering , ngadjoeal soteh kěbon bae, sarta teu roemasa ngaroewang babandaän miboga eta teh, noe mawi tětěp hanteu gadoeh milik miboga eta pěděnpěman.

Saoer hoekoem pangadilan: Kijeu hoekoemannana, maneh bebesanan bae, noe ngadjoeal kěbon djeung noe meuli, eta pěděnpěman bahankeun ka anak maneh doewanana. Doewanana geus soemoehoen ka timbalan hoekoem, toeloej pada balik, rek ngalampahkeun satimbalan hoekoem, sarta pada boengah-boengah deewanana.

Ati běrsih eta taja tjatjadna sarta matak meunang noe. graha di sawarga.

Ijeu panganggeusan dongeng noe di loehoer teja: Kala mangsa moeloes běběněran teja, keur aja oerang nagara sedjen, pareng aja di paseban, katjida heranna ngadangoekeun tjatoerna djělěma doewa, omongna: Tjoba lamoen di nagara kawoela mah, lain kitoe piběněreunnana, sedjen katjida tětěrapna: noe meuli moal ingět pisan nembongkeun pěpěnděmannana teh, malah noe nimoe teh katjida njoempoetkeunnana, soepama teu disidėmkeun, tangtoe noe ngadjoeal teh ngagoegat ka noe meuli iemah, soepaja pěpěnděman kamilikkeun ka manehna, tapi waragadna prakara leuwih tina rěga pěpěnděman teja, ditjokot oesoer djeung sedjen waragad-waragad.