geus njaoer kitoe, kijai Dĕmang toeloej masihkeun hoewi noe gĕde teja sahidji, itoengan noe kasĕboet gandjaran. Noe soegih teh kaget sarta handjakaleun katjida, teu njana kitoe pamoelangna.
Hartina ijeu dongeng: djĕlĕma noe hade atina moal kosong manggih gandjaran, djĕlĕma gĕde teuing pangarah, soepaja oentoeng maneh bae, loewangna sok manggih roegi sarta era.
__________
113.
KOBIS.
Aja toekang bas doewa, ngaranna Dora djeung Sĕmbada, reudjeung leumpangna, ngaliwat kĕbon sajoeran. Sĕmbada ngomong, pokna: Kang Dora tjoba tendjo itoe kobis, nja montok nja aloes. Si Dora hajangeun kobis teh, barina lemek: Eta kobis tjarek kaoela mah tatjan kasĕboet gĕde, waktoe koela leumpang kamari ijeu, manggih kobis hidji, gĕdena ngoengkoelan eta imah leutik, anoe nangtoeng tĕngah kĕbon.
Tjarek ki Sĕmbada: Omongan matak heran katjida, aja kobis sagĕde imah; tapi koela oge kamari ngabantoean anoe njieun kantjah panggodogan, gĕdena sagĕde masigit. Si Dora nanjakeun kantjah sagĕde masigit paranti naon? Ki Sĕmbada ngawangsoel: Paranti ngagodog kobis, noe koe maneh diomongkeun kobis sagĕde imah teja. Si Dora ngomongna sĕmoe era, pokna: Ajeuna koela geus ngarti pigaleuheun. Ki Sĕmbada, sasarina ari ngomong sok sаĕnjana bae, behna mah njaritakeun aja kantjah sagĕde masigit teh, heureuj bae, bari ngawĕwĕleh ka koela, koela ajeuna geus tampa pamalĕs rahoel: samborong tjek pari-basa, „saha-saha noe teu boga kaera, geura ngalakoekeun bohong, ari hasilna dipikageuleuh koe djĕlĕma djeung diseungseurikeun, koela ajeuna kapok.
__________