112.
HOEWI BOLED.
Aja djĕlĕma miskin oerang lĕmboer, di kĕbonna mĕlak hoewi; barĕng dikali, manggih hoewi leuwih gĕde sahidji, matak kaget anoe reja, omong oerang lĕmboer teh: Ijeu hoewi oerang hatoerkeun ka djoeragan Dĕmang bae, mowande boengaheun, karana kijai Dĕmang tangtoe boengaheun ningali rahajatna gĕtol, oerang meureun dilahirkeun djĕlĕma daekan makaja, njawah, ngĕbon.
Toeloej hoewi teh dibaktikeun ka kijai Dĕmang, kijai Dĕmang atoheun sarta noe bakti hoewi teh dipoedji daekan makaja, sarta dilahirkeun hade atina, dipaparin doewit saroepija.
Di lĕmboer eta aja noe soegih, tatapi katjida pisan tjĕrĕdikna, ngadenge bedja jen oerang lĕmboer aja noe bakti hoewi sahidji ka kijai Dĕmang, dipoelang doewit saroepija; tjek noe soegih teh: Ari kitoe mah, kami oge rek bakti hidji anak sapi noe aloes, noe seba hoewi hidji dileler doewit saroepija, kami mah komo, meureun tampa gĕde katjida, sabab ngabaktian anak sapi aloes. Toeloej anak sapi teh disanggakeun ka kijai Dĕmang, tatapi kijai Dĕmang teu samar, sababna noe matak bakti, eta djĕlĕma tjĕtjĕl tjĕrĕdik ngadak-ngadak ngawawoehkeun maneh, hajang loma djeung kami, tangtoe aja pangarahna.
Kijai Dĕmang teu kĕrsaeun dibaktian sapi, noe soegih teh ngadĕsĕk-dĕsĕk koe hajangeun katampa pangbaktina, kijai Dĕmang ngawangsoel ka noe bakti sapi teh, saoer kijai Dĕmang: Ari keukeuh mah hajang ditampa koe aing, seg ditampa koe aing, sapedah maneh hajang loma ka kami, kami nja kitoe deui bakal loma djeung maneh, ajeuna maneh rek digandjar, gĕde manan harga sapi teja gandjaran ti kami, kira tikĕl tiloe lobana harga gandjaran. Barĕng