Lompat ke isi

Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91

nji Misah kaparĕng laksana, nĕpi ka lawas teu hoedjan-hoedjan, panas bangĕt pisan, matak roeksak pĕpĕlakan, di sawah di tĕgal, malah pĕpĕlakan nji Misah, kĕkĕmbangan aloem kabeh.

Indoengna lemek: Misah ajeuna kanjaho maneh geus tetela, jen hoedjan jeung panas eta saroewa pĕrloena. Moenggoeh manoesa nja kitoe keneh, lamoen manggih kasĕnangan bae, teu pisan manggih kasoesah, sok teu hade toengtoengna, sabab oemat eta hade kasorang koe sangsara djeung koe balai, soepaja djadi kaslamĕtan.

Hartina ijeu dongeng: kĕrsaning Allah noeroenkeun hoedjan, ngajakeun panas bangĕt, ngagandjar salamĕt atawa ngagandjar balai, eta kabeh leuwih hade, teu beunang ditjawad koe manoesa.

__________

111.

PANTJOERAN.

Oesoem panas bangĕt, boedak lalaki ngaranna si Pahing leumpang ka sawah, beungeutna beureum kapanasan, bawaning halabhab, letahna datang ka rapĕt kana lalangit. Toeloej manggih pantjoeran di handapeun tangkal gajam, tjaina leuwih herang; si Pahing gantjang nginoem. Bawaning tiïs tjai sarta karejaän teuing nginoemna, nĕpi ka kapaehan. Ari datang ka imahna, toeloej bae gĕring moeriang; omongna: Saha noe njana jen pantjoeran tjaina herang, tapi di eusi baroewang? Bapana lemek: Pahing djalan maneh gĕring teh lain tina tjai pantjoeran, tĕgĕsna tina koerang akal djeung koerang doega-doega maneh bae.

Hartina ijeu dongeng: roepa noe matak kabita, eta reja noe matak ngaleungitkeun kira-kira, tĕmahna djadi tjilaka.

__________