kaloewar teu barang-bawa. Ti watěs harita eta djělěma teu daek maling-maling deui. Barěngna rek paeh, lalampahannana baheula diwangsitkeun ka anak-anakna, bari di titah ngabakti ka goesti Allah.
109.
NOE NJALIN ADAT.
Agoes Koesen bapana beunghar, djadi sakarěp-karěpna ki Koesen ditoeroetkeun bae. Tina bawaning katjida pangalēmna, datang ka matak ngaloendjak, ogoan. Tapi ki Koesen keur boedak keneh, kaboeroe bapana maot, djadi ki Koesen sanggeus jatim, tjitjing di pamanna, doeloer indoengna, aja di pilěmboeran matoehna. Ari tadina sok dahar ngeunah, ajeuna mah dahar saloembrahna bae, ari di dajeuh oenggal-oenggal peuting reja noe soekan-soekan, ari di pilěmboeran sore-sore geus salasarean, hoedangna isoek-isoek. Ki Koesen keur anjar mah ngaroemas katjida koe panata oerang lěmboer. Bareng geus lawas mah njaho kana noe pimatakeun djadi kahadean, tadina ki Koesen gěringan, oelatna pijas djeung rěměn tatamba, barěng geus djeung pamanna, tjagěr sarta rosa; noe matak rěměn ngomong kijeu: Běněr paman ngangaranan tiloe pěrkara noe matak djadi kahadean hiroep, nja eta daek digawe, těměn-wěkěl, kira-kira djeung prajoga.
110.
PANON-POWE.
Hidji powe mangsa ngidjih, aja boedak awewe, ngaran nji Misah, ngomong pokna: Panon powe teh naha moen tembong, soepaja tjaäng oelah haleumheum teuing, panědana