Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
89

Hartina ijeu dongeng: boedak basangkal hanteu sabar, rěměn manggih kasoesahan, boedak sabar rěměn manggih kangeunahan.


108.

KITAB PIWOEROEK.

Aja istri randa bangsa menak, boemina di pilěmboeran, djaoehna ti nagara lalakon sadjam. Kalakoeannana samemeh sare ngaos kitab heula; kitoe loewangna oenggal-oenggal peuting. Ari sahidji mangsa, ti peuting samemeh sare, ngaos kitab, reja eusina woeroek-woeroek djeung dowa-dowa; bareng rek sare, eta kitab diteundeun dina medja leutik, tapi hanteu dilingkoepkeun. Hanteu lila goeroedoeg aja kareta ti nagara, mapagkeun, reh saderekna di dajeuh hanteu damang walės; toeloej menak istri djêngkar nitih kareta, njandak hidji panakawan awewe, hidji lalaki.

Kitab tinggal moeka bae dina loehoer medja, noe toenggoe boemi ngan aja hidji nini-nini geus pikoen. Sadjěngkarna istri randa, aja djoeroedjana rek maling, sabab njahoeun jen boemi kosong, djoeroedjana asoep tina djandela, naekna make taradje, asoep ka pasarean, sakama-kama ngoengkalan barang-barang, milih noe gěde hargana; djoeroedjana ngadeuleu aja kitab moeka dina loehoer medja leutik, katjaängan koe damar lilin, toeloej dibatja koe ki djoeroedjana, oenina:

„He eling-eling: saha-saha noe roemasa bakal manggih pati, „koedoe oelah ngalampahkeun kagorengan, djeung saha-saha „noe hajang tiis pikir, oelah pisan nijat maling, awal ahir „tangtoe kapanggih; hanteu kapanggih di doenja, di aherat tangtoe kapanggih bae.”

Oeni-oenian kitoe teh djadi ngahadekeun kana ati noe rek maling, djadi teu toeloes barang-tjokotna, toeloej bidjil