Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
88

107.

OPOR MERI.

Aja hidji boedak ngaran si Landoeng, soeka boengah, sarta oewar-oewar ka doeloer-doeloerna awewe lalaki, pokna: Powe isoek rijoengan, indoeng ngopor měri, mangke sore bakal njatoe-njatoe ngeunah djeung opor. Barěng geus oesoemna dahar, eta boedak-boedak djeung doeloer-doeloerna kabeh ngarijoeng, geus teu sabar ngadagoan asakna opor. Noe keur masak lemek ka boedak-boedak ngarijoeng teh: Agoes mangka sabar, satengah djam deui oge asak opor teh! Baroedak teh bawaning teu salabar, pada tjareurik. Eta noe keur masak boga akal, ngarah repeh noe tjareurik, ngomong: oelah narangis, di loewar eta aja ririwa, lamoen ngadenge boedak tjeurik, toeloej ditjokot. Eta boedak-boedak noe keur tjareurik hanteu sijeuneun beuki bědas ngagowakna, ngadéngek-děngek, menta opor. Noe keur manggang opor, didjait panggangna, diasongkeun ka panto barina lemek: He gandarwo ijeu tjokot opor! Mangsa harita pareng aja djoeroe-djana di loewareun panto, ngaděděmpes, sědjana rek maling, nendjo opor diatjoengkeun, toeloej ditampanan bari ngomong: Noehoen! Opor ditewak dibawa loempat.

Boedak-boedak ejar patingdarěngek; indoengna datang; barěng njahoeun jen oporna leungit dibawa koe djroedjana, indoengna lemek, pokna: Baroedak, maraneh ajeuna manggih hoekoeman, djalan tina basangkal maneh, peuting ijeu maneh bakal hamo njatoe opor, koedoe njaratoe kedjo woengkoel bae. Toeloej amboe Landoeng mapatahan ka eusi imahna: kami geus rěměn pisan lemek ka maneh, tjarek kami oge oelah sok njingsijeunan boedak, sarehna akal maneh teu hade, matak leungit opor, djadi katěmpoehan, bajaran maneh bakal ditjangkolong sarega opor,