Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87

eta tjai soemangga koe sampean geura leueut, sarta kapajoenna moega -moega sampean oelah rek lali kana paribasa ijeu: saha-saha noe lěngoes ka sasama hiroep, tangtoe dibalės lěngoes deui.


106.

ENDOG AHENG.

Kijai Děmang Wira nagara soemping ka sedjen lěmboer, koelěm dina pondok sewa, moendoet toewang sangoe, angeun djeung ěndog. Barěng geus tjoemawis, ěndog hidji dibeulah, di djero aja koekoelar hideung, ěndog sedjen nja kitoe deui. Djělěma di lěmboer eta kabeh sakoer noe nendjo ěndog, pada heran katjida, sarta pada ngomong: Nja aheng eta endog teh!

Kijai Děmang goemoedjěng bae ngadangoe noe mitjatoer ěndog, toeloej mariksa ka noe ngahatoeranan soegoeh; ijeu ěndog beunang meuli ti saha? Hatoerna noe dipariksa: Beunang koering meuli ti anak toekang sapoe ngaran poen Kandoeng. Toeloej si Kandoeng dirawatan, ari geus datang si Kandoeng toeloej dipariksa, saoer kijai Děmang: Maneh sok maling endog teh, karana ijeu geus kaboektian, ari ěndog anoe aing mah moal boeroeng kadongdon, masih dipaling oge, sabab aja tjirina, koekoelar hideung, eta aing noe boga akal kitoe, sabatoer aing mah ěndogna geus ditiroekan koe djaroem bae kabeh. Toeloej si Kandoeng ditangkép diserenkeun ka paboewen.

Hartina: sapintěrna oge maling, hamo hoeroeng katitik tina leuleutikan.