Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86

roti, si Gopla ditjěloekan, sarta dilamisan soepaja daekeun, sarta diaboeskeun roti kana toewoeng tjisoesoe, didadaharan koe si Gopla. Ari geus bejak toeloej dibere doewit, omong si Samsi: Ijeu toelis noe aja di toewoeng hade lamoen aja dina piring noe saroegih-soegih, oenina kijeu; saha noe teu welas ka noe miskin, moal toeloej meunang berkat goesti Allah.


105.

TJAI DJEUNG ROTI.

O esoem patjéklik katjida aja boedak lalaki miskin, oerang ka pagoenoengan, ngaran si Konta, běrmaen kedjo sakeupeul noe soegih-soegih ka kentja-katoehoeeun lěmboerna. Sadjroning lěmboer eta aja anak noe soegih, ngaranna si Kasim, keur dadaharan dihareupeun lawangna, didjadjaloekan koe si Konta, pokna: Kawoela njoehoenkeun satjiwit bae. Ki Kasim lěngoes, omongna: Wah geura ngaliwat, aing moal mere ka maneh! Antara sataoen ki Kasim leumpang ka pigoenoengan, nejangan ěmbena, asroek -asroekan, mangsa harita menggret pisan panasna panon powe, ki Kasim halabhab katjida, něpi ka toehoereun, tatapi teu manggih pantjoeran, toengtoengna nendjo si Konta keur ngangon ěmbe, dijoek dina handapeun kai ijoeh, ngagigirkeun kěndi. Ki Kasim njampeurkeun si Konta, omong ki Kasim: Kami menta tjai sarěgot bae. Tembal si Konta: Wah geura ngaliwat kaditoe, kami moal rek mere ka maneh! Ki Kasim seug tjeurik, sarta narima kasalahannana bareto, toeloej menta pangampoera; si Konta gantjang mere tjai dina kěndi, omong si Konta: Kawoela teu boga ali goreng , sak ka pada kaoela, ngawangsoel soteh songong ka sampean, soepaja sampean bae geura ngakoe toemarima jen kaloeloepoetan; ari